Sawala Ngeunaan Diayakeunana Pagelaran Seni Sunda di Lingkungan SMA Negeri 3 Sumedang
Kacaritakeun harita, dina poe Jumaah, barudak ngarumpul di ruang 3, SMA Negeri 3 Sumedang pikeun nyawalakeun ngeunaan diayakeunana pagelaran seni sunda di lingkungan SMA Negeri 3 Sumedang.
Panata calagara (Tryana) : Bismillahhirrohmannirrohiim. Assalamualaikum W.R. W. B. Rerencangan sadayana anu ku sim kuring dipihormat. Anu sami-sami rawuh di ieu tempat. Sim kuring ngahaturkeun nuhun kana perhatosan sadayana ku nyumpingan ieu tempat. Pamaksadan urang riung mumpulung di ieu tempat teh, kangge nyawalakeun rarancang Pagelaran Seni Sunda di lingkungan SMA Negeri 3 Sumedang. Supados teu nyangkolong kana waktos, sim kuring nyumanggakeun ka saderek Agnes salaku ketua rarancang kangge medarkeun pamadeganana.
Ketua rarancang (Agnes) : Hatur nuhun ka saderek Tryana. Rerencangan sadayana, sim kuring teh gaduh maksad bade ngayakeun Pagelaran Seni Sunda di lingkungan SMA Negeri 3 Sumedang. Lantaran sim kuring ngaraos deudeuh kana kaayaan rumaja jaman kiwari anu geus mopohokeun kana budaya kasenian sorangan. Perkawis tempatna, nya tangtos wae sim kuring hoyongna di dieu. Mung aya nu gaduh usul teu saena di mana-manana?
Anggota Ekskul Kasenian (Rina)
: Kumaha pami di luar rohangan wae? Out door lah istilahna mah. Supados lalega tur teu pagegelek. Jeung deuih pami di aula mah asa kirang merenah nya?
Anggota Ekskul Kasenian (Nadia)
: Pami kitu mah atuh repot, kedah ngawangun panggung, komo deui teu aya waragadna, jeung deui ngabutuhkeun waktos anu lami.
Ketua rarancang (Agnes) : Ah, ayeuna mah teu kedah rariweuh heula. Gunakeun we rohangan kasenian nu aya.
Anggota Ekskul Kasenian (Rina)
: Muhun ketang nes, da nu janten masalah utamina mah sane seta, tapi kumaha carana supados seueur nu minat ka ieu acara? Da gening, barudak ayeuna mah, nya kalebet sim kuring oge resepna kana kasenian modern wungkul. Hehehehehehehe . . .
Anggota Ekskul Kasenian (Nadia)
: Nya urang kedah tiasa-tiasa we ngapromosikeun ieu acara ka rerencangan sadaya. Kumaha pami urang nyuhunkeun guru-guru di dieu kanggo mintonkeun kaparigelanana? Misalna wae jaipong, nembang jeung sajabana.
Anggota Ekskul Kasenian (Rina)
: Wah? Muhun leresnya? Panan jarang-jarang urang tiasa ningali guru-guru urang tampil mintonkeun kasenian Sunda. Tapi kumaha, nya keursaeun kitu?
Anggota Ekskul Kasenian (Nadia)
: Urang kontak we guru-guru kasenian di dieu. Hususna Pa Sutisna salaku pananggung jawab ieu acara panan nya nes?
Ketua rarancang (Agnes) : Muhun. Da ieu sawala teh tadina mah bade disumpingan ku anjeunna,mung saurna teh aya wagelan. Janten nanggung jawabkeun ka sim kuring.
Anggota Ekskul Kasenian (Rina)
: Muhun atuh pami kitu mah, janten ieu acara teh diayakeunna di rohangan kasenian wae, sareng acarana dieusi ku mintonkeun kasenian-kasenian ti guru-guru urang.
Anggota Ekskul Kasenian (Nadia)
: Tapi nya tiasa wae pami siswa-siswina oge anu tampil. Engke umumkeun heula ka tiap kelas, nya minimalna mah atuh tiap kelas the mintonkeun hiji kasenian Sunda. Janten acara ieu teh saena mah bulan payun wae. Supados aya persiapan heula.
Anggota Ekskul Kasenian (Rina)
: Muhun leres, leres.
Panata calagara (Tryana) : Tah rupina sakitu wae anu disawalakeun the. Hasil sawala ieu, bade dilaporkeun ka Pa Sutisna salaku pananggung jawab. Mugia wae diwidian, sareng acarana tiasa lumangsung kalawan lancar. Amien…
Mung panginten, enjing sonten urang kempel deui di ieu tempat. Kangge ngupingkeun kumaha pamadegan sareng komentarna Bapa Sutisna.
Hatur nuhun. Wassalamualaikum W.R W.B
Tidak ada komentar:
Posting Komentar